Lirik Dulang Kuring darso

Kamis, 17 September 2015

Lirik Dulang Kuring (Darso)

darso

Hanjakal-hanjakal pisan
Talak tilu pamajikan
Beak dengkak adug-adugan
Kuring hayang balikan deui

Gulang-guling teu bisa sare
Ajol-ajolan hayang mepende
Rek der kawin hararese
Kudu kaselang ku batur

Ngajerit maratan langit
Nyalahkeun polah sorangan
Pupujieun ngumbar amarah
Ari hate mah da cinta banget

Ngoceak maratan jagat
Ku teu wasa narimakeunna
Ku teu rido bulan maduna
Kuring teu kiat ngbayangkeuna

Rek maju geuning abot
Rek mundur beuki angot
Maju mundur rarepot
Dulang kuring
Ditutu batur

0 komentar:

Posting Komentar

 
Blog Bunda © 2013 | Plantilla diseñada por Ciudad Blogger